jack-of-all-trades

07/11/07

Wangsit Siliwangi

Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu

hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih

mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah

jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung

balangsak.

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura

misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah

ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur

jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur

urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun

kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab

talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan

dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan

batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh,

mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé.

Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati

jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti

mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran

pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit

kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan

heula.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan

terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi,

pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong

lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab

acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun.

Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman,

sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang

kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-

alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah

jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah

loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon

! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah

seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku

monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru

monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti

dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti

deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ?

Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu

jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat

nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu

ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina

tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da

puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus

témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di

jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun

pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag,

ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema

anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur,

panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa

buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan............................. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan

wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu

keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu

beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka

pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana

anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana

teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di

alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya

loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak

buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling

caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu

nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan

budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang.

Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung

budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé

anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui

sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

21/03/07

Arti - Arti Hitut

Nurutkeun penelitian para ahli, hitut teh ngandung rupa-rupa harti, di antarana :


  1. Nunjukkeun kajujuran, tina hitut urang bakal nyaho jujur atawa henteuna hiji jalma, sabab aya jalma hitut tapi ngaku, aya deui jalma hitut tapi teu ngaku

  2. Nunjukkeun rasa karunya, rasa karunya ieu bakal muncul lamun urang atawa batur nahan hitut salila-lila

  3. Nunjukkeun wawasan anu luas, ieu mah kagambar tina kabiasaan jalma anu apal iraha jeung dimana manehna kudu hitut

  4. Nunjukkeun rasa sangsara, ieu mah kaalaman ku jalma anu hayang hitut, tapi teu daek dut

  5. Nunjukkeun suasana misterius, ieu mah kaalaman dina kajadian aya nu hitut, tapi batur teu apaleun, ujug-ujug peledek we bau

  6. Nunjukkeun rasa cemas, ieu mah kajadian waktu nu hitut hayang eureun hitutna dina kaayaan datditdut hitut

  7. Nunjukkeun rasa percaya diri, disebut percaya diri teh sabab manehna boga anggapan yen hitutna........seungit

  8. Nunjukkeun sifat dermawan, lantaran hitutna dibagi-bagi ka batur

  9. Nunjukkeun rasa era, lantaran hitutna nya tarik nya bau

  10. Nunjukkeun sifat apik, lamun hitutna dieutik-eutik

  11. Nunjukkeun jiwa bisnis, lamun hitutna bari napas panjang

  12. Nunjukkeun jalma koret, lamun hitutna diambeuan ku sorangan

  13. Nunjukkeun jalma kurang gaul, lamun hitutna bari nyumput

  14. Nunjukkeun sifat jiga lauk, lamun hitutna hayang dina jero cai bae

  15. Nunjukkeun rasa sial, lamun nu hitutna batur ari nu dituduhna manehna

  16. Nunjukkeun bakat musik, lamun hitutna berirama

  17. Nunjukkeun rasa praktis, disebut praktis teh lamun hitutna bari....ngorong

  18. Nunjukkeun sifat lalawora, ieu mah kajadian upama hitutna bari ngajleng tina tangkal kalapa

  19. Nunjukkeun rasa nyaah ka kulawarga, ieu mah kajadian lamun rek hitut teh nungguan heula kumpulna anak jeung pamajikan komo mun jeung mertua mah

  20. Nunjukkeun picilakaeun, bakal kajadian lamun urang hitut hareupeun....maung kajajaden

10/02/07

sabulangbentor


KEDUDUKAN

Abong kena urang kampung, kakara datang ka Jakarta teh mani araraneh.
Basa menehna naek kana beus kota teu kabagean diuk,
atuh ti mimiti naek nepi ka turun ngan ukur bisa nangtung.
Sadatangna ka tempat anu dituju, ku dulurna ditanya.
"Naek apa tadi ke sini Bang?" ceuk dulurna.
"Dari kampung ke sini naek kereta. Cuma dari stasiun ke sini
naek beus kota. Cape sekali," jawab manehna.
"Cape gimana bang?"
"Iyah cape aja. Sejak kenaikan sampai keturunan, saya mah
tidak mendapat...kedudukan!" jawab manehna.
(Maksudna mah ti barang naek kana beus kota nepi ka turunna
teu kabagean diuk).


PERANG DIPONEGORO

"Kapan berlangsungnya perang Diponegoro?" kata guru ke salah seorang muridnya.
"Bada magrib sebelum isa,Pa!"
"Kenapa?"
"Kan 18.25 sampai 18.30 itu sama dengan bada magrib sebelum isa?"
"Ka hareup maneh, nangtung di juru! Piraku aya perang ngan 5 menit!" kata guru.


OBAT TIDUR

Aya pasien keur sare tibra. Jol suster. Nempo eta pasien keur sare,
terus bae ku suster teh dihudangkeun.
"Aya naon Sus, bet ngahudangkeun abdi?" ceuk pasien bari lulungu
"Ieu tuang heula obat" tembal suster
"Obat naon ieu teh?"
"Obat tidur!"


BAHASA INGGRIS

Guru : "Apa bahasa Inggrisnya AYAH?"
Murid : "FATHEEER...!"
Guru : "Kalau KAKEK?"
Murid : "GRAND FATHEEER...!"
Guru : "Bagus, kalau KAKEK-KAKEK BERUBAN, BERKACAMATA, MEMAKAI BAJU PUTIH DAN MEMAKAI TONGKAT apa?"
Murid semuanya diam.
Guru : "KENTUCKY"

05/12/06

Tukang Bubur

Ieu carita teuing kumaha jeung iraha mimitina saurang oge taya nu apal iwal ti dua urang nu garelo..
Kacaritakeun aya saurang Tukang Bubur nu gawena ngan karalang-kuriling ngider ka unggal lembur bari jeung euweuh nu meuli. Cekit..cekit.. kadenge sora roda dongdangan nu geus rek coplok ampir ngagorolong. Dina palebah pengkolan kaciri aya nu ngabelegbeg keur nagog bari udud kuntung roko meunang mulung, eta jelema teh katelahna Ujang Petot, saurang pangangguran anu cita-citana hayang jadi aparat ngan teu kahontal sabab awakna ngan satengah meter jaba pinuh ku tato tina spidol. "Heh! maneh tukang bubur lain ?!" ceuk Ujang Petot ka Tukang Bubur nu harita ngaliwat ka hareupeunana. Gebeg.. ! Tukang Bubur reuwas anu kacida sabab ngarasa jiwanya terancam tuluy manehna spontan ngajawab "Sanes a !" bari angger ngadodorong dongdangan nu ditulisan "BUBUR AYAM BOGA RASA" ngaliwat ka hareupeun Ujang Petot bari tetep nakolan mangkok dikentreng-kentreng.
Peletet..peletet.. panon Ujang Petot nu masih keneh lulungu meletet ka tukang bubur bari pok ngomong "Ooh..sugan teh tukang bubur" bari tuluy melenyun deui udud kuntung.

to be continued..



05/12/06

Saha Cing?

Bulan puasa teu balik-balik, lebaran teu balik-balik... Saha cing ?

Ceuk aing.....Bang Toyib !!

03/12/06

Pengumuman

Telah hilang seorang anak dengan ciri-ciri rambut bergelombang, memakai kaos warna putih, celana piyama motif bunga warna ungu dan sendal jepit warna pink. Bagi yang menemukan harap lapor,sendal jepitnya mau dipake....

29/11/06

Awas Jaaaaang.....

Seuseuh tah beungeut teh..